Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
15 April nyaéta poé ka-105 dina sataun (ka-106 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 260 poé.
- 1071 – Bari, wilayah pamungkas nu dipimilik ku Byzantium di Italia Kidul, nyerah ka Robert Guiscard.
- 1395 – Timur ngéléhkeun Gorombolan Emas (The Golder Horde) dina Patempuran Leuwi Terek. Puseur nagri Gorombolan Emas, Sarai, diratakeun jeung lemah sarta Timur tuluy ngadegkeun pamaréntahan bonéka.
- 1450 – Patempuran Formigny: Rék nepi ka pangujung Perang Saratus Taun, Perancis nyerang jeung ngancurkeun pasukan Inggris, mungkas dominasi Inggris di Perancis Kalér.
- 1632 – Patempuran Hujan: Dipingpin ku Gustavus Adolphus, Swédia ngéléhkeun Karajaan Romawi Suci nalika Perang Tilu Puluh Taun.
- 1689 – Raja Perancis Louis XIV nyatakeun perang ka Spanyol.
- 1755 – Kamus bahasa Inggris Samuel Johnson dipedalkeun di London.
- 1783 – Artikel perdaméyan awal nu bakal mungkas Perang Révolusi Amérika (Perang Kamerdékaan Amérika) diratifikasi.
- 1817 – Thomas Hopkins Gallaudet jeung Laurent Clerc ngadegkeun sakola pikeun nu tarorék nu munggaran di Amérika, di Hartford, Connecticut.
- 1861 – Présidén Abraham Lincoln ngagero 75.000 sukarélawan pikeun ngeureunan pangbarontakan nu engkéna bakal jadi Perang Sipil Amérika.
- 1865 – Présidén Abraham Lincoln nemasing pati sabada katémbak dina peuting saméméhma. Wakil Présidén Andrew Johnson jadi panggantina.
- 1892 – Pausahaan General Electric diadegkeun ku cara ngagabungna pausahaan nu Thomas Edison jeung Pausahaan Listrik Thomson-Houston, nu dialpukahan ku J.P. Morgan sarta disahkeun di New York.
- 1896 – Upacara panutupan Olimpiade Kahiji di Athéna, Yunani.
- 1912 – Kapal panumpang Inggris, Titanic tikelebuh di Atalantik Kalér dina jam 2:20 a.m., dua jam opat puluh menit ti sabada neunggar gunung és. Ngan 710 urang tina 2.227 panumpang jeung kru nu bisa salamet.
- 1923 – Insulin digunakeun sacara umum pikeun narékahan diabétes.
- 1924 – Rand McNally medalkeun atlas jalanan nu munggaran.
- 1936 – Poé munggaran révolusi Arab di daérah Mandat Palestina.
- 1941 – Dina Belfast Blitz (serangan kilat ka Belfast), dua ratus pasawat pangebom Luftware Jérman nyerang Belfast, nelasan rébuan jalma.
- 1945 – Kémp Konséntrasi Bergen-Belsen dibébaskeun.
- 1969 – Insidén panémbakan EC-121: Koréa Kalér némbak pasawat Angkatan Laut AS di saluhureun Laut Jepang, nelasan 31 jalma jeroeunna.
- 1970 – Nalika Perang Sodara di Kamboja, pangbantéyan ka minoritas urang Viétnam ngahasilkeun 800 bugang nu ngambang di Leuwi Mekong di Viétnam Kidul.
- 1986 – AS mesatkeun Operasi Jurang El Dorado, serangan bom ka targét-targét Libya dina raraga ngaréspon kana pangeboman di Jérman Kulon nu nelasan dua pagawé sipil Amérika.
- 1989 – Tragédi Hillsborough: Pakéwuh lumangsung di Stadion Hilsborough, kandang Sheffield Wednesday, dina Semifinal FA Cup, ngabalukarkeun maotna 96 urang bobotoh Liverpool.
- 1989 – Maotna Hu Yaobang jadi cukang lantaran dimimitianna protés di Alun-Alun Tianamen di Cina.
- 1994 – Pasini Marrakesh nu patali jeung dasar diadegkeunna World Trade Organization diadopsi.
- 1996 – Saurang tentara némbakan sakarepna di Bandara Timika, nelasan 16 jalma, 11 tentara jeung 5 urang sipil.
- 2011 – Bom maéhan manéh di Masjid Pulisi di Cirebon, wanci Sholat Jum'at, nyideraan 28 jalma.
- 2013 – Dua bom ngajelegur di deukeut garis finish maraton Boston, di Boston, Massachusetts, nelasan tilu jelema jeung nyideraan 264 lianna.
- 2013 – Hiji galura pangeboman di Irak nelasan saheunteuna 75 jalma.
- 2014 – Pangparahna pangbantéyan dina Perang Sodara Sudan Kidul, saheunteuna 200 jalma ditémbak mati nalika keur nyaralindung di tempat-tempat ibadah jeung rumah sakit.
- 2019 – Katedral Notre-Dame de Paris di Perancis ruksak parah alatan kahuruan.
- 1452 – Leonardo da Vinci, tukang ngalukis, élmuwan Itailia (td. 1519)
- 1469 – Guru Nanak, guru Sikh nu munggaran (td. 1539)
- 1707 – Leonhard Euler (dibaca [ˈɔʏlɐ]), salah saurang ahli matematika jeung fisika Swiss. Babar di Basel, Swiss (td. 1783)
- 1858 – Émile Durkheim, sosiolog Perancis (td. 1917)
- 1874 – Johannes Stark, fisikawan Jérman (td. 1957)
- 1894 – Nikita Khrushchev, PM Uni Soviét katujuh (td. 1971)
- 1912 – Kim Il-sung, pamingpin Koréa Kaler nu kahiji (td. 1994)
- 1933 – Elizabeth Montgomery, artis Amérika (td. 1995)
- 1943 – Robert Lefkowitz, élmuwan Amérika
- 1959 – Emma Thompson, artis Inggris
- 1960 – Pedro Delgado, atlét balap sapédah Spanyol
- 1965 – Linda Perry, musisi Amérika (4 Non Blondes)
- 1966 – Samantha Fox, musisi Inggris
- 1968 – Ed O'Brien, pamaén hitar Inggris (Radiohead)
- 1971 – Finidi George, pamaén bola Nigeria
- 1978 – Luis Fonsi, tukang ngawih Amérika kalahiran Puérto Riko
- 1982 – Seth Rogen, aktor Kanada-Amérika
- 1990 – Emma Watson, artis Inggris
- 1997 – Maisie Williams, artis Inggris
- Poé Budaya Universal
- Poé Seni Dunia
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|