Kéong emas
Kéong emas | |
---|---|
Pomacea canaliculata | |
Cangkang Pomacea canaliculata | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Superfamili: | |
(unranked): | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Subgénus: | Pomacea
|
Spésiés: | Pomacea canaliculata (Lamarck, 1819)
|
Kéong emas; Siput murba; (Pomacea canaliculata L.) nyaéta sato cai kawas tutut anu asalna tina kulawarga ampullariidae. [1] Kéong emas loba kapanggih hirup di susukan, balong, kamalir, rawa-rawa, pasawahan, malahan disawah mah ieu Kéong kagolongkeun kana hama. Kawas moluska séjéna, Keong emas mibanda cangkang/imahna anu teuas pikeun nya lindungan awakna anu hipu teu mibanda tulang. Kéong emas bisa hirup dina lingkungan anu kotor jeung tercemar sarta dina kaayaan kurang oksigén, kahakanna kayaning dangdaunan anu hirup dicai sanajan kitu lamun aya runtah dangdaunan kayaning, bayem, sawi, kol, jeung sajabana ogé sok dihakan ku kéong emas.[2]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Kéong emas cangkangna semu konéng nepika coklat kolot, Kelir dagingna gumading nepika krem sarta talapokna gedé buleud semu lonyod rapet nutupan liang cangkangna.[2] Talapok (operculum) anu jaluna rada bulenek kaluar tina biwir cangkangna, sabalikna anu bikangna talapokna rada rata nepika kentob ka jero.[1]
Tempona endogan, ieu Keong naék ka darat néangan tempat anu garing luhureun cai pikeun nunda endogna. Endogna baruleud leutik kelirna beureum semu kayas, sakali ngendog bisa ratusan siki gumantung kana gedé jeung leutik kéongna. Manjing waktuna megar tina endog anu disimpen luhureun cai teh, anakna bakal marurag kana cai. [3]
Mangpaat
[édit | édit sumber]Sanajan dianggap hama utamana kana pelak paré, kéong emas geus ditanuntik pamangpaatanna pikeu parab ingon-ingon (meri , éntog, Lélé, patin, jeung sajabana).[2] [4] Ngamangpaatkeun daging kéong ieu ogé mangrupa hiji usaha pikeun nyengker jumlah kéong emas sangkan henteu ngalobaan, ogé ngabantu patani dina nyadiakeun tambahan pakan pikeun ingon-ingon.[1]
Kandungan kimia
[édit | édit sumber]Panalungtikan anu dilakukeun kana tipung kéong emas pikeun fortifikasi tipung ikan (pakan):
No | Unsur Kimia | Komposisi | Ukuran |
---|---|---|---|
1 | Protein | 35.50-70.67 | % |
2 | Lemak | .27-1.43 | % |
3 | Lebu | 9.13-10.47 | % |
4 | Serat kasar | 8.19-9.59 | % |
5 | Uyah | 0.56-1.69 | % |
-
Keur ngarayap
-
Nyokot hawa ka luar
-
Endogna ngumpul dina satempat
-
Hirup dina écéng gondok
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b c Nurhayati, SPi, MSi, Prof Dr Ir Nurjanah, MS, Roni Nugraha SSi, MSc, Dr Tati; Bayu Nugraha, Spi (2019). Fisiologi, Formasi, dan Degradasi Metabolit Hasil Perairan. Jakarta: PT Penerbit IPB Press. p. 30. ISBN 9786024400590.
- ↑ a b c Universita, Jendral Soedirman; World Conservation Monitoring Centre, International Union for Conservation of Nature and Natural Resources. Species Survival Commission (1998). Kumpulan abstrak yang dibiayai. Jakarta: Universitas Jenderal Soedirman. p. 221.
- ↑ Dan Hanny P, Purnomo (2007). https://books.google.co.id/books?id=HE-WWgPsBXUC&pg=PA100&dq=talas&hl=id&sa=X&ved=2ahUKEwj188O_lb7vAhUn63MBHdA8BoI4ChDoATAEegQIBRAC#v=onepage&q=talas&f=false. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 111. ISBN 9789790020283. Diakses tanggal (disungsi – 21 Maret 2021).
- ↑ Marlinda, Yetti (1997). Pemanfaatan produk olahan keong mas (Pomacea canaliculata Orb) pengganti tepung ikan dalam ransum broiler: laporan penelitian. UGM: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Lembaga Penelitian, Universitas Andalas,. p. 16. Disungsi23 Maret 2021
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |