Hoé
Hoé | |
---|---|
Hoé Calamus rotang | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Tribus: | Calameae
|
Genera | |
Hoé: Calamae non-rotan: |
Hoé nyaéta sagolongan tuwuhan palma ti suku sub-kulawarga (tribus) Calaméae anu mibanda kabiasaan nérékél ngareuy, utamana Calamus, Daemonorops, jeung Oncocalamus. Suku sub-kulawarga Calaméae sorangan diwangun ku kira-kira genep ratus anggota, kalayan wewengkon sumebarna di bagian tropis Afrika, Asia sarta Australasia.[1] Diasupkeun ogé kana suku sub-kulawarga ieu téh Salacca ( contona salak), Metroxylon (contona rumbia/sagu), sarta Pigafetta anu henteu ngareuy, sarta sacara tradisional henteu digolongkan minangka hoé.
Tangkal hoé biasana boga diaméter 2–5 cm, buku-bukuna paranjang, henteu boga rongga, sarta réa anu ditangtayungan ku cucuk-cucuk panjang, teuas, sarta seukeut. Cucuk ieu boga guna salaku pakakas pertahanan diri tina binatang hérbivora, sakaligus mantuan pikeun naék (ngareuy), alatan hoé henteu dilengkepan ku sulur. Hiji tangkal hoé bisa ngahontal panjang ratusan méter. Tangkal hoé ngaluarkeun cai lamun dikadék. Badak Sunda dipikanyaho ogé ngajadikeun hoé minangka salah sahiji kadaharanana.
lolobana hoé asalna ti leuweung di Indonésia, kawas Sumatra, Jawa, Bornéo, Sulawesi, sarta Nusa Tenggara. Indonésia nyadiakeun 70% kaperluan hoé di dunya. Sésa pasar dieusi ku Malaysia, Filipina, Sri Lanka, jeung Bangladés.
Hoé gancang tumuwuh sarta rélatif gampang dipanén sarta diangkut.
Kaguna
[édit | édit sumber]Hoé anu ilahar dipaké dina industri teu pati réa teuing. Sawatara anu pangilaharna diperdagangkeun nyaéta Manau, Batang, Tohiti, Mandola, Pamali-pamali, Suti, Sega, Lambang, Blubuk, Jawa, Pait, Kubu, Lacak, Slimit, Cacing, Semambu, sarta Pulut.
Sanggeus dibérésihan tina palapah anu cucukan, hoé diawétkeun sarta ditangtayungan tina supa Blue Stain. Sacara gurat badag aya dua prosés ngokolakeun bahan baku hoé: Ngasakan ku minyak tanah pikeun hoé nu ukuranana sedeng/gedé sarta Ngahaseupan ku walirang pikeun hoé nu ukuranana leutik.
Saterusna hoé bisa dikokolakeun jadi sagala rupa bahan baku, contona dijieun Peel (pesékan)/Sanded Peel, dipulas /semi-pulas, dijieun core, fitrit atawa star core. Puseur industri kerajinan jeung mébel hoé pangbadagna di Indonésia perenahna di Cirebon.
Pamangpaatan hoé utamana nyaéta pikeun bahan baku mébel, contona korsi, méja tamu, sarta erak buku. Hoé mibanda sawatara kapinunjulan batan kai, kawas hampang, kuat, élastis / gampang dijieun, sarta murah. Kakurang nu utamana nyaéta gampang kakeunaan kutu bubuk "Pin Hole".
Tangkal hoé ogé bisa dijieun iteuk sarta pakarang. Réa paguron silat ngajarkeun cara tarung ngagunakeun ietuk hoé. Di sawatara tempat di Asia Tenggara, hoé dipaké pakakas paneunggeul dina hukuman pecut pikeun palaku tindakan kiriminal nu tangtu.
Sawatara hoé ngaluarkeun geutah (resin) tina gagang kembangna. Geutah ieu boga warna beureum sarta dipikawanoh dina perdagangan salaku dragon's blood ("getih naga"). Resin ieu dipaké pikeun ngawarnaan biola atawa minangka méni.
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Abdul, Haris Mustari (2019). Flora dan Fauna Cagar Alam Leuweung Sancang. Jakarta: Aditya dwigumelar. p. 108. ISBN 9786024408046. Disungsi4 Januari 2021