Lompat ke isi

Agama Hindu Dharma

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Simbol Agama Hindu

Agama Hindu Dharma atawa Agama Tirtha ("agama Air Suci") (ku pangagemna disebut minangka "agama Hindu" hungkul.) nyaéta agama Hindu nu umumna diamalkeun ku rata-rata urang Bali di Indonesia. Agama Hindu di Bali mangrupa sinkretisme unsur-unsur Hindu aliran Siwa, Waisnawa, jeung Brahma kalawa kapercayaan lokal (local genius) urang Bali.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Agama Hindu asup ka Indonésia disawang di abad ka-4 Masehi, anu ditandaan ku ayana 7 yupa di Kutai, Kalimantan Timur, sakaligus ogé mungkas zaman prasejarah di Indonésia.[1] Asupna agama Hindu di Bali disawang ti abad ka-8, anu ditandaan ku ayana arca Siwa di Bedulu, kabupatén Gianyar,[2] anu corakna mirip jeung arca Siwa anu kapanggih di abad ka-8 ti dataran tinggi Dieng, Jawa Tengah.

Catur Warna

[édit | édit sumber]

Di Bali lumaku sistim Catur Varna (Warna), Catur Warna hartina opat pilihan hirup atawa opat bagéan dina kahirupan dumasar kana bakat (guna) jeung kaparigelan (karma) hiji jalma, sarta kualitas gawé nu dipiboga minangka akibat atikan, bakat nu tumuwuh ti dirina jeung dirojong ku katanggeuhan mentalna dina nyanghareupan hiji pagawéan. Opat golongan anu salajengna dipikawanoh ku istilah Catur Warna éta nyaéta: Brahmana, Ksatria, Waisya, jeung Sudra.

Poé Ageung Agama

[édit | édit sumber]
Upacara Agama Hindu Dharma di Pura Goa Lawah, Kabupaten Klungkung, Bali.

Poé kaagamaan keur pangagem agama Hindu Dharma, umumna diétang dumasar wewaran jeung pawukon. Kombinasi antara Panca Wara, Sapta Wara jeung Wuku. Namung aya ogé poé kaagamaan nu ngagunakeun pananggalan Saka.

Poé Kaagamaan dumasar kana Wewaran

[édit | édit sumber]
  • Galungan — Ninggang di: Buda, Kliwon, Dungulan
  • Kuningan — Ninggang di: Saniscara, Kliwon, Kuningan
  • Saraswati — Ninggang di: Saniscara, Umanis, Watugunung. Poé élmu pangaweruh, pamujaan ka Sang Hyang Aji Saraswati.
  • Banyupinaruh — Ninggang di: Redite, Pahing, Shinta
  • Pagerwesi

Poé Kaagamaan dumasar Kalénder Saka

[édit | édit sumber]
  • Siwaratri
  • Nyepi

Upacara Kaagamaan

[édit | édit sumber]

Upacara kaagamaan anu dilakukeun di Agama Hindu Dharma, kolaborasi jeung budaya lokal. Ieu jadi kabeungharan sarta kaunikan nu ngan aya di Bali.

Manusa Yadnya

[édit | édit sumber]
  • Otonan / Wetonan, nyaéta uoacara nu dilakukeun di poé lahir, saperti miéling poé tepang taun, dilakukeun 210 poé.
  • Upacara Kikir Huntu, nyaéta upacara kaagamaan nu wajib dilaksanakeun keur pangagemna. Upacara ieu dilakukeun ka pangagem nu geus remaja atawa dewasa. Keur awéwé anu geus ngalaman menstruasi, keur lalaki nu geus asup akil baligh.

Pitra Yadnya

[édit | édit sumber]
  • Upacara Ngaben, nyaéta prosés ngabakar jenazah. Sakumaha dina konsép Hindu ngeunaan bakar jenazah, upacara ieu minangka tarékah ngagancangkeun balikna unsur-unsur/zat ngawangun raga/wadag/awak kasar manusa.

Aya opat lontar utama nu méré piunjuk ngeyunaan ayana upacara Pitra Yadnya, nyaéta:

  1. Yama Purwa Tatwa (ngeunaan sajén nu dipaké),
  2. Yama Purana Tatwa (ngeunaan filsafat ngabébaskeun atawa néangan atma jeung poé hadé jeung goréng ngalaksanakeun upacara),
  3. Yama Purwana Tatwa (ngeunaan susunan acara jeung wangun rerajahan kajang), sarta
  4. Yama Tatwa (ngeunaan wangunan atawa sarana upacara).

Pitra Yadnya asal kecapna ti basa Kawai. Pitr hartina karuhun sarta Yadnya nu hartina korban suci anu tulus ihlas. Pitra Yadnya nyaéta hiji kawajiban ti preti sentana minangka wujud bakti ka karuhun saluyu jeung Panca Srada nyaéta

  • Widhi Tatwa,
  • Atma (mayit) Tatwa,
  • Purnabhawa,
  • Karma Phala, jeung
  • Moksa.

Anak nu babakti ka sepuhna dingaranan Putra dina basa Sansekertana nya éa Putt nu hartina naraka sarta Ra nu hartina ngahindarkeun atawa nyalametkeun. Ku kituna putra hartina budak nu nyalametkeun sepuh atawa karuhunna ti naraka.
Saurang suputra (su hartina hadé) nu ngalaksanakeun pitra yadnya boga tujuan nyucikeun arwah atawa roh nu geus maot. Atma ogé kudu disucikeun supaya dina hiji mangsa bisa manunggal (ngahiji) jeung Parama Atma (Brahman atawa Hyang Widi). Nyucikeun atma sanggeus manusa maot dihartikeun minangka upaya ngabébaskeun atma ti beungkeutan-beungkeutan nyaéta Stula Sarira (Panca Maha Butha) jeung Sukma Sarira (Panca Tan Matra).
Panca Maha Butha nyaéta awak anu kasusun ti unsur-unsur padet (tulang jeung daging), cair (getih, cai kiih, jeung cairan di jero awak), hawa (nyaéta bayah), panas atawa cahaya (nyaéta sinar panin jeung panas awak), ether atawa langit-langit (nya éa urat syaraf).
Panca Tan Matra nyaéta pangaruh sakabéh panca indera (panon, ceuli, irung, létah, jeung kulit) ka atma nalika masih hirup bisa dilaksanakeun ku unggal manusa kalawan ku cara awak dibérésihan ku cai, pikiran dibérésihan ku kajujuran, jiwa dibérésihan ku élmu pangaweruh jeung tapa (ngendalikeun sad ripu), akal dibérésihan ku kadyatmikaan atawa kawijaksanaan dumasar ageman Hindu. Aya ogé pahala ti saurang suputra bisa dijabarkeun saperti kieu:

  1. Kirti nyaéta meunang pujian jeung karahayuan atawa kasejahteraan.
  2. Mahayusa nyaéta umur nu panjang.
  3. Bala nyaéta tanggeuh nyanghareupan ombak kahirupan.
  4. Yasa Patitingal Rahayu nyaéta jasa mulia anu dipiémut, dituladanan, sarta nyieun kasejahteraan keur tungturunanna.


Pitra Yadnya kawengku ku tilu tahapan sakumaha saperti kieu: Ngaben,Nyekah, jeung Mapaingkup. Lamun tilu tahap éa direngsékeun dina waktu sapoé atawa 12 jam, éta disebut Nandang Mantri. Sedengkeun dina upacara anu biasa, aya tenggang waktuna sababaraha poé antara Ngaben,Nyekah, jeung Mapaingkup.
Ngaben kalawan ngebet tulang dingaranan Asti Wedana, sedengkeun anu teu ngebet tulang atawa kangsung ti jenazah nu anyar maot dingaranan Sawa Sedana. Upacara ngaben mibanda kecap Ngaben nu asalna ti kecap ngabuin (huruf u jeung i dipolahkeun jadi e) anu hartina ngajadikeun jadi hawu (dihawukeun). Upacara ngaben mangrupa runtuyan upacara keur malikkeun uncur-uncur Panca Maha Butha ka tempatna masing-masing nyaéta unsur padet ka lemah (Pertiwi), unsur cair ka Apah, unsur udara ka Bayu, unsur panas atawa cahya ka Teja, jeung unsur ether ka Akasa.
Upacara ieu dimimitian ku Ngulapin di pura Dalem, ngaMungkah di Setra, Meseh Lawang di Catus Pata atawa Cangkem Setra, Masiram, tuluy Ngaskara, Narpana, tuluy Ngeseng jeung Ngayut ka Sagara Agung atawa Alit. Dina masalah ieu, aya filosofi dina unggal runtuyanna, nyaéta:

  1. Ngulapin di pura Dalem tujuanna méta widi ka Ida Bethara Durga minangka sakti Siwa yén sang Suputra bakal ngalaksanakeun Pitra Yadnya.
  2. Mamungkah di Setra tujuanna nyieun simbul Siwa mangrupa kayu (cendana biasana) kalawan widin ti Ida Bethara Mrajapati. Keur mayit anyar simbol ieu teu dipaké.
  3. Meseh Lawang nyaéta tujuanna ngabalikkeun sacara simbolis cacat-cacat awak mayit nu dipimeunang nalika hirup.
  4. Masiram atawa Mabersih tujuanna nyaéta ngabersihkeun sawa (mayit) kalawan ku cara ngamandikeun mayit.

Ngaskara nya éa upacara nyucikeun atma tahap mimiti.

  1. Narpana nyaéta ngahaturkeun sang Lina (nu geus maot) sasajén saperluna.
  2. Ngeseng Sawa nyaéta ngabeuleum sawa di Setra kalawan nyepit, nguyeg, jeung ngereka hawu mayit.
  3. Upacara ngaben dipungkas ku nganyutkeun hawu ka segara atawa laut minangka cara malikkeun unsur cair ka Apah.
  4. Sanggeus ngaben, status sang Lina naék jadi sang Pitara.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Midastra, I Wayan; dkk. (2007). I.G.B. Widyantara, ed. Widya Dharma Agama Hindu untuk SMP Kelas VIII. Jakarta: Ganeca Exact. p. 27. ISBN 979-744-737-5. 
  2. Midastra, I Wayan, dkk (2007). p. 30. 

Tumbu luar

[édit | édit sumber]