Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
26 Méi nyaéta poé ka-146 dina sataun (ka-147 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 219 poé.
- 946 – Raja Edmund I ti Inggris ditelasan ku saurang bangsat nu ku manéhna kungsi diserang nalika kariaan Poé Misa Agustin.
- 1293 – Lini narajang Kamakura, Kanagawa, Jepang, nelasan kira-kira 23.000 jalma.
- 1538 – Jenéwa ngusir John Calvin jeung pangiringna ti kota. Calvin hirup di pangbuangan salila tilu taun kahareupna.
- 1573 – Patempuran Haarlemmermeer, hiji patelak angkatan laut dina Perang Kamerdékaan Walanda.
- 1637 – Perang Pequot: Pasukan gabungan Inggris jeung Mohega dina pingpinan John Mason, nyerang hiji désa di Connecticut, kurang leuwih 500 urang Pequot ditandasa.
- 1770 – Révolusi Orlov, hiji usaha pangbarontakan ngalawan ka Kasultanan Utsmaniyah saméméh Perang Kamerdékaan Yunani, lekasan ku kasoranna urang Yunani.
- 1805 – Napoléon Bonaparte jadi raja Italia.
- 1830 – Akte Pamindahan Urang Indian dikaluakeun ku Kongrés AS; disahkeun ku Présidén Andrew Jackson dua poé ti harita.
- 1857 – Dred Scott dibébaskeun ku kulawarga Blow, dunungan aslina.
- 1865 – Perang Sipil Amérika: Jéndral Konféderasi Edmund Kirby Smith, pamingpin divisi Trans-Mississipi Konféderasi, jadi jéndral Konféderasi nu pamungkas nu taluk, di Galveston, Texas.
- 1869 – Universitas Boston dirasmikeun ku Pasamakmuran Massachusetts.
- 1879 – Rusia jeung Karajaan Inggris néken Perjangjian Gandamak pikeun ngadegkeun nagara Afghan.
- 1896 – Nicholas II jadi Tsar Karajaan Rusia nu pamungkas.
- 1897 – Drakula, hiji novél beunang pangarang Irlandia, Bram Stoker, dipedalkeun.
- 1918 – Républik Démokratik Georgia diadegkeun.
- 1923 – Balapan 24 jam Le Mans nu kahiji lumangsung, sarta tuluy dijalankeun unggal taun di bulan Juni.
- 1927 – Henry Ford jeung Ford Motor Company ngajieun mobil Model T nu pamungkas (sarta nu ka-15 juta), Tin Lizzie.
- 1940 – Perang Dunia II: Operasi Dinamo: Di béh kalér Perancis, Sakutu ngamimitian évakuasi gedé-gedéan ti Dunkrik, Perancis.
- 1940 – Perang Dunia II: Pangepungan Calais lekasan ku nyarerahna garnisun Inggris jeung Perancis.
- 1942 – Perang Dunia II: Patempuran Gazala lumangsung.
- 1966 – Guiana Inggris meunangkeun kamerdékaanna sarta jadi Guyana.
- 1970 – Pasawat Tupolev Tu-144 Uni Soviét jadi pasawat transportasi komersil munggaran nu bisa nembus Mach 2 (kacepetan sora).
- 1972 – Amérika Sarikat jeung Uni Soviét néken Perjangjian Anti Misil Balistik.
- 1983 – Lini 7,8 Mw Laut jepang ngeundeuk-ngeundeuk Honshu kalér, nimbulkeun tsunami nu ngaruksak nu ngakibatkeun kira-kira saratus jalma palastra.
- 1986 – Komunitas Éropa ngadopsi Bandera Éropa.
- 1991 – Zviad Gamsakhurdia jadi présidén munggaran Georgia nu kapilih pasca éra Soviét.
- 1991 – Pasawat Lauda Air 004 beulah di jomantara sarta murag di Taman Nasional Ph Toei di Thailand, nelasan sakabéh 223 jalma sajeroeunna.
- 2004 – Véteran perang AS, Terry Nichols dinyatakeun salah ku dakwaan panelasan nagara 161 alatan ngabantuan dina pangeboman Kota Oklahoma.
- 2008 – Banjir rohaka narajang Cina kidul nu antukna nelasan 148 jalma sarta diévakuasina 1,3 juta lianna.
- 2014 – Narendra Modi jadi PM India ka-15.
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|