Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
22 Januari nyaéta poé ka-22 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 343 poé (344 dina taun kabisat).
- 1517 – Kasultanan Utsmaniyah dina pingpinan Sultan Salim I ngéléhkeun Kasultanan Mamluk dina Patempuran Ridaniya sarta ngarebut wilayah nu kiwari nelah ku Mesir.
- 1555 – Karajaan Ava murag ka Dinasti Taungoo, kiwari nelah ku Myanmar.
- 1824 – Urang Ashanti (kiwari Ghana) ngéléhkeun pasukan Inggris di Basisir Emas.
- 1849 – Perang Inggis-Sikh Kadua: Pangepungan Multan réngsé sabada salapan bulan urang Punjab antukna nyerah.
- 1905 – Minggu Getih di Saint Petersburg, ngamimitian révolusi Rusia 1905.
- 1906 – SS Valencia neunggar cadas di Pulo Vancouver, British Columbia, nelasan leuwih ti 130 jalma.
- 1915 – Leuwih ti 600 jalma palastra di Guadalajara, Méksiko, nalika hiji karéta api kaluar tina jalurna sarta ragrag ka jurang.
- 1919 – Akta Zluky ditéken, ngahijikeun Républik Rakyat Ukraina jeung Républik Nasional Ukrainia.
- 1941 – Perang Dunia II: Pasukan Inggris jeung Pasamakmuran ngarebut Tobruk ti pasukan Italia nalika Operasi Kompas.
- 1943 – Perang Dunia II: Pasukan Australia jeung Amérika ngéléhkeun Angkatan Darat jeung Angkatan Laut Jepang dina patempuran rongkah Buna-Gona.
- 1944 – Perang Dunia II: Sakutu ngamimitian Operasi Shingle, hiji serangan ka Anzio jeung Nettuno, Italia.
- 1946 – Di Iran, Qazi Muhammad ngadéklarasikeun kamerdékaan Républik Mahabad di Alun-Alun Chahar Cheragh di kota urang Kurdi, Mahabad; manéhna jadi présidén anyar sarta Haji Baba Sheikh jadi perdana menterina.
- 1946 – Dijieunna Central Intelligence Group, pijadieun Central Intelligence Agency.
- 1947 – KTLA, stasion télévisi komérsil munggaran di Leuwi Mississippi, mimiti operasi di Hollywood.
- 1957 – Israél mundur ti Bobojong Sinai.
- 1957 – "Tukang Bom Édan" Kota New York, George P. Metesky, kacerek di Waterbury, Connecticut sarta didakwa geus nanemkeun 30 bom.
- 1963 – Perjangjian Élysée ngeunaan gawé bareng antara Perancis jeung Jérman ditarékeun ku Charles de Gaulle jeung Konrad Adenauer.
- 1970 – Boeing 747, pasawat "jumbo jet" munggaran di dunia, ancrub kana layanan komérsil pikeun ngaladangan palanggan Pan American Airways sarta ngapung munggaran ti Bandara Internasional John F. Kennedy ka Bandara Heathrow London.
- 1971 – Déklarasi SIngapur, minangka salah sahiji tina dua dokumen paling penting pikeun konstitusi teu baku Nagara-Nagara Pasamakmuran, dipedalkeun.
- 1973 – Pasawat séwaan Boeing 707 ngabeledug alatan kahuruan nalika ngadarat di Bandara Kano, Nigeria, nelasan 175 jalma.
- 1973 – Dina laga tinju parebutan juara dunia kelas beurat di Kingston, Jamaika, panantang George Foreman ngarubuhkeun juara batahan Joe Frazier genep kali dina dua ronde awal, méméh antukna dieureunkeun ku wasit Arthur Mercante.
- 1984 – Apple Macintosh, jadi komputer umum munggaran nu ngapopulérkeun pamakéan mos jeung graphical user interface nu dikenalkeun nalika iklan tivi Super Bowl XVIII.
- 1987 – Pasukan kaamanan Philipina muka témbakan ka kumpulan 10.000 - 15.000 demonstran di Istana Malacanang, nelasan 13 urang.
- 1995 – Konflik Israél - Palestina: Bom Beit Lid: Di puseur nagri Israél, deukeu Netanya, dua urang Gaza ngabeledugkeun manéh kana hiji tempat transit militer Israél, nelasan 19 urang Israél.
- 1999 – Misionaris Australia, Graham Staines, katut dua anakna, dibeuleum hirup-hirup ku urang Hindu radikal nalika keur sararé dina mobilna di India Wétan.
- 2002 – Kmart jadi toko ritél panggedéna dina sajarah Amérika Sarikat nu ngajukeun panangtayungan kabangkrutan Bab 11.
- 2006 – Evo Morales diistrénan minangka Présidén Bolivia, mangrupa urang dinya asli munggaran nu jadi présidén.
- 2007 – Saheunteuna 88 jalma palastra nalika dua bom mobil ngajelegur di pasar Bab Al Sharqi di puseur Baghdad, Irak.
- 2015 – Hiji beledugan di deukeut beus troli sipil di Donetsk, Ukraina nelasan saheunteuna 13 jalma.
- 1263 – Ibnu Taimiyyah, ahli agama Syria (td. 1328)
- 1865 – Wilbur Scoville, ahli parmasi jeung kimia Amérika (td. 1942)
- 1909 – U Thant, sekjén PBB katilu ti Myanmar (td. 1974)
- 1920 – Alf Ramsey, pamaén, palatih bola Inggris (td. 1999)
- 1940 – John Hurt, aktor Inggris (td. 2017)
- 1968 – Frank Leboeuf, pamaén bola Perancis
- 1971 – Stan Collymore, pamaén bola Inggris
- 1974 – Joseph Muscat, PM Malta ka-13
- 1977 – Hidetoshi Nakata, pamaén bola Jepang
- 1980 – Jonathan Woodgate, pamaén bola Inggris
- 1981 – Willa Ford, artis, tukang ngawih Amérika
- 1990 – Logic, rapper Amérika
- 1993 – Rio Haryanto, tukang balap mobil Indonésia
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|