Dano Toba
Lake Toba | |
---|---|
Lokasi | Sumatra Kalér, Indonesia |
Koordinat | 2°41′04″N 98°52′32″E / 2.6845°N 98.8756°EKoordinat: 2°41′04″N 98°52′32″E / 2.6845°N 98.8756°E |
Rupa dano | Volkanik/ téktonik |
Aliran kaluar utama | Asahan River |
Aya di nagara | Indonesia |
Panjang maks. | 100 km (62 mi) |
Lébar maks. | 30 km (19 mi) |
Aréa paroman | 1,130 km2 (440 sq mi) |
Rarata jero | 500 metres |
Maksimal jero | 505 m (1,657 ft) |
Volume cai | 240 km3 (58 cu mi) |
Kaluhuran paroman | 905 m (2,969 ft) |
Pulo | Samosir |
Padumukan | Ambarita, Pangururan |
Dano Toba nyaéta salah sahiji dano nu panggedéna sadunya, sarta nu panggedéna tur pangkakoncarana di Indonésia.[1] Panjangna 100 kilométer, lébarna 30 kilométer, saking ku gedéna Dano Toba mah siga sagara.[1] Ditengah-tengah Dano Toba aya pulo leutik ngaranna Pulo Samosir.[1][2] Dumasar panalungtikan ti Universitas Teknologi Michigan Amérika Serikat, baheula 75.500 taun katukang, di sabudeureun wewengkon Dano Toba aya gunung bitu anu ngabalukarkeun musnahna manusa, sato, jeung tutuwuhan di sabudeureunana, batuan tur lebu vulkanikna sumebar nepi ka 2000mmjauhna tur ngabalukarkeun daérahna poék katutupan ku lebu vulkanik.[1] Tapak bituna éta gunung téh jadi kawah anu gedé tur lila kalilaan kaeusian cai jadi dano.[1] Dano Toba perenahna di sababaraha kabupatén, nyaéta Kabupatén Simalungun, kabupatén Samosir, kabupatén Tapanuli Utara, kabupatén Humbang Hasundutan, kabupatén Karo, kabupatén Dairi, Sumatera Utara.[1] Ieu dano téh mangrupa tempat wisata anu kumplit, aya wisata alam, wisata spiritual, sajarah, arsitektur sarta kuliner.[2] Dano Toba miboga niléy magis jeung niléy kosmologis, sabab dipercaya minangka tempat cicingna Namboru (Tujuh déwi karuhun urang Batak).[1] Saupama masarakat Batak arék ngayakeun acara disabudeureun ieu dano, kudu sanduk-sanduk papalaku heula ka Namboru.[1][3]
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f g h Danau Toba Archived 2011-08-05 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 5 November 2011)
- ↑ a b Danau Toba (id) (Diakses ping 5 November 2011)
- ↑ Situmorang, M.A., M.Th., Pdt. Dr. Jonar (2023). Asal-Usul, Silsilah dan Tradisi Budaya BatakSitumorang, M.A., M.Th. Jakarta: Penerbit Andi. p. 94. ISBN 9786238806614. Disungsi 27Juli 2024