Lompat ke isi

PCS

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Standar
telepon mobil jeung data
Kulawarga GSM / UMTS
2G
3G
Pre-4G
Kulawarga cdmaOne / CDMA2000
2G
3G
Pre-4G
Tehnologi sejen
0G
1G
2G
Pre-4G
Pita frékuénsi

PCS, singketan tina kecap-kecap basa Inggris Personal Communications Service, nyaéta ngaran pikeun téknologi nu maké pita frékuénsi radio 1900-MHz nu digunakeun pikeun layanan telepon mobil digital di Kanada, Méksiko jeung Amérika Sarikat. Di patempatan lian, pita frékuénsi kasebut digunakeun pikeun téknologi CDMA, GSM, jeung D-AMPS. Federal Communications Commission (FCC), régulator widang télékomunikasi di Amérika Sarikat, ogé Industry Canada, régulator télékomunikasi di Kanada, ngalokasikeun pita frékuénsi 1850-1990 MHz pikeun pamakéan telepon mobil dina taun 1994, mangsa pita frékuénsi telepon sélulér munggaran nu dijalankeun dina frékuénsi 824-894 MHz geus mimiti pinuh. Telepon GSM pita-ganda di buana Amérika Kalér bisa dipaké dina dua pita frékuénsi 850 MHz jeung 1900 MHz, sanajan éta alat teu bisa dipaké pikeun téknologi sélulér 900 MHz jeung 1800-MHz nu dipaké di Éropah jeung Asia. Sanajan kitu, telepon GSM tilu-pita atawa opat-pita bisa digunakeun sakaligus di Amérika, Éropah jeung Asia. Di luar Amérika Kalér, istilah PCS dipaké nujul kana GSM-1900. Di Hong Kong, istilah PCS digunakeun nujul kana GSM-1800.

Tempo ogé

Tumbu kaluar