- 801 – Perjangjian Florens ditarékeun, mungkas perang antara Républik Perancis ngalawan Karajaan Naples.
- 1802 – Heinrich Wilhelm Matthäus Olbers nimu 2 Pallas, asteroid ka-2 nu kungsi katimu.
- 1809 – Perang Bobojong: Perancis ngéléhkeun Spanyol dina Patempuran Medellin.
- 1814 – Perang 1812: Dina Patempuran Valparaiso, dua kapal perang Amérika karebut ku dua kapal perang Inggris.
- 1830 – Pangéran Diponegoro katéwak di Magelang ku Walanda sabada ditipu kana hiji pasamoan sarta tuluy dibuang ka Manado.
- 1854 – Perang Krimea: Perancis jeung Inggris nyatakeun perang ka Rusia.
- 1860 – Perang Taranaki Kahiji: Patempuran Waireka dimimitian.
- 1883 – Kampanye Militer Tonkin: Perancis meunang dina Patempuran Gia Cuc ngalawan Viétnam, Cina jeung Yunan.
- 1910 – Henri Fabre jadi jalma munggaran nu ngapungkeun pasawat ampibi, di Martigues, Perancis.
- 1920 – Tornado Minggu Palem (poé minggu méméh Paskah) narajang wilayah Great Lakes sarta Nagara Bagéan Deep South.
- 1922 – Pakakas mikropilem nu munggaran diwanohkeun.
- 1933 – Pasawat sayap ganda Maskapai Imperial ti Liverpool dipercaya minangka pasawat nu munggaran ancur alatan sabotase nalika saurang panumpang nyeungeut seuneu sajeroeunna.
- 1939 – Perang Sipil Spanyol: Jéndral Fransisco Franco nalukkeun Madrid sabada ngepung salila tilu taun.
- 1941 – Perang Dunia II: Kapal Perang Mediterranean Inggris nilemkeun tilu kapal pangjalajah jeung dua kapal pangruksak nu Angkatan Laut Italia.
- 1942 – Perang Dunia II: Pasukan gabungan Inggris sacara permanén ngaruksakeun Darmaga Louis Joubert di Saint Nazaire dina raraga ngajaga sangkan Kapal Perang Jérman Tripitz tetep jauh tina jalur konpoiy laut-tengah.
- 1951 – Perang Indochina Kahiji: Dina Patempuran Mạo Khê, Pasukan Sarikat Perancis dipingpin ku pahlawan Perang Dunia II, Jean de Lattre de Tassigny, ngéléhkeun pasukan Viét Minh nu dipingpin ku Jénderal Vo Nguyen Giap.
- 1959 – Déwan Nagara RRC ngabubarkeun pamaréntahan Tibét.
- 1968 – Budak sakola lanjutan di Brasil, Edson Luis de lima Souto, ditelasan ku pulisi militer dina hiji protés ménta sangkan kadaharan di réstoran hargana leuwih murah pikeun nu dialajar.
- 1969 – Sastrawan Yunani nu meunangkeun Hadiah Nobel, Giorgos Seferis nieun pernyataan nu kawentar di BBC World Service, nolak kana junta di Yunani.
- 1970 – Lini narajang Turki kidul, wanci peuting kira-kira jam 23:05 waktu lokal, nelasan 1.086 jalma sarta nyideraan 1.260 lianna.
- 1981 – Pasawat doméstik Garuda Indonésia Pangapungan 206 dibajak sarta dipaksa ngadarat di Bangkok. Tilu poé ti harita Kopassus hasil ngeureunkeun pangbajakan, tina patelak nalika pangbébasan tilu pangbajak, pilot jeung saurang anggota Kopassus nemasing pati.
- 1994 – Di Afrika Kidul, pangawal rahasiah Kongrés Nasional Afrika nelasan losinan pamoha ti Partéy Kamerdékaan Inkatha.
- 1999 – Perang Kosovo: Paramiliter Sérbia tur pasukan militerna nelasan 146 jalma urang Albania Kosovo di Izbica.
- 2003 – Dina hiji patelak nu teu kahaja, dua pasawat A-10 Thunderbolt AS nyerang tank-tank Inggris nu keur ngilu nyerang ka Irak, nelasan saurang soldadu.
- 2005 – Lini di Kabupatén Nias, Sumatra Kalér ngakibatkeun 915 – 1.314 jalma palastra sarta antar 340 – 1.146 cidera.
- 2017 – Tapak suku dinosaurus sapanjang 1,7 m kapanggih di Kimberley, Australi Kulon.
- 2018 – Saheunteuna 68 jalma palastra sarta réa nu tatu dina pakéwuh di hiji panjara di Carobobo, Valencia, Vénezuéla.
Poé peré / poé panginget-nginget
édit
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|