- 1607 – Saratus urang Inggris balabuh di Jamestown, padumukan permanén koloni Inggris nu munggaran di Amérika.
- 1626 – Peter Minuit meuli Manhattan.
- 1667 – Angkatan Perang Karajaan Perancis meuntas wates Walanda Spanyol, ngamimitian Perang Devolution ngalawanan Karajaan Spanyol jeung Aliansi Tilu.
- 1683 – Muséum Ashmolean di Oxford, Inggris dibuka, minangka muséum universitas nu munggaran.
- 1798 – Pangbarontakan Irlandia 1798 ngalawan pamaréntah Inggris dimimitian, dipingpin ku Sarikat Urang Irlandia..
- 1813 – Pamingpin pangbébasan Amérika Kidul, Simon Bolivar asup ka Merida, mingpin panyerangan ka Vénezuéla, sarta diproklamirkeun minangka El Libertador (Si Pangbébas).
- 1822 – Patempuran Pichincha: Antonio José de Sucre mastikeun kamerdékaan ti Kaprésidénan Quito.
- 1832 – Karajaan Yunani Kahiji dinyatakeun merdéka dina Konferénsi London.
- 1844 – Samuel Morse ngirim telegram munggaran nu eusina "What hath God wrought" (hiji kutipan tina injil, Nomer 23:23).
- 1856 – John Brown jeung balad-baladna nelasan lima urang para pangrojong perbudakan di Pottawatomie Creek, Kansas.
- 1883 – Jambatan Brooklyn di Kota New York dibuka sabada pangwangunan salila 14 taun.
- 1900 – Perang Boer Kadua: Karajaan Inggris nyapluk Nagara Bébas Oranye.
- 1915 – Thomas Alva Edison nyiptakeun telescribe pikeun ngarékam guneman telepon.
- 1915 – Perang Dunia I: Italia nyatakeun perang ka Austria-Hongaria, aub kana konflik di pihak Sakutu.
- 1930 – Amy Johnson ngadarat di Darwin, Wilayah Kalér, jadi wanita munggaran nu ngapung sosoranganan ti Inggris ka Australia (miang dina tangal 5 Méi).
- 1940 – Igor Sikorsky midangkeun pangapungan nu hasil tina hélikopter rotor tunggal.
- 1941 – Perang Dunia II: Dina Patempuran Atlantik, Kapal Perang Jérman nilemkeun kapal kabanggaan Angkatan Laut Inggris harita, HMS Hood, nelasan kabéh kru kapal kajaba tilu urang.
- 1958 – United Press International diadegkeun ngaliwatan panggabungan antara United Press jeung the International News Service.
- 1967 – Mesir nerapkeun blokade jeung paningkeran ka basisir Laut Beureum Israél.
- 1981 – Présidén Ékuador Jaime Roldos Aguilera, pamajikanna tur komite kaprésidénanna palastra dina kacilakaan pasawat nalika miang ti Quito ka Zapotillo.
- 1982 – Pangbébasan Khorramshahr: Iran ngarebut deui kota palabuan Khorramshahr ti Irak dina Perang Iran-Irak.
- 1991 – Israél ngajalankeun Operasi Sulaéman, ngaévakuasi urang Yahudi Éthiopia ka Israél.
- 1992 – Diktator pamungkas Thailand, Jénderal Suchinda Kraprayoon, mundur tina jabatanna sabada ayana protés pro-démokrasi.
- 1992 – Pangbersihan étnis di Kozarak, Bosnia jeung Hérzégowina dimimitian nalika milisi Sérbia jeung pasukan pulisi arasup ka jero kota.
- 1993 – Éritréa meunangkeun kamerdékanna ti Éthiopia.
- 1993 – Kardinal Katolik Roma, Juan Jesús Posadas Ocampo jeung lima jalma lianna ditelasan dina panémbakan di Bandara Internasional Miguel Hidalgo y Costilla Guadlajara di Méksiko.
- 1994 – Opat jalma kadakwa palaku pangeboman World Trade Center di New York di taun 1993 ditibanan hukuman 240 taun panjara.
- 1999 – Pangadilan Kriminal Internasional manten Yugoslavia di Dén Haag, Walanda, ngadakwa Slobodan Milosevic jeung opat urang lianna pikeun kajahatan perang jeung kajahatan ngalawan kamanusaan di Kosovo.
- 2000 – Tentara Israél mundur ti Libanon sabada ngadiukan salila 22 taun.
- 2002 – Rusia jeung Amérika Sarikat néken Perjangjian Moskow.
- 2014 – Saheunteuna tilu jalma palastra dina hiji panémbakan di Muséum Yahudi Brussels, Bélgia.
- 2017 – Dua serangan bom maéhan manéh di Terminal Beus Kampung Malayu, Jakarta, ngabalukarkeun lima urang, kaasup dua palakuna, maot, sarta 10 urang tatu.
- 2018 – Présidén AS Donald Trump ngabatalkeun pasamoan jeung Koréa Kalér sarta Kidul alatan pernyataan mumusuhan ti Koréa Kidul.
- 2019 – Dina tekenan kana pangréngséan Brexit, PM Theresa May ngabéwarakeun pangunduran dirina minangka pamingpin Partéy Konservatif, lumaku dina tanggal 7 juni.
- 1686 – Daniel Gabriel Fahrenheit, élmuwan Jérman-Polandia nu mekarkeun skala Fahrenheit (td. 1736)
- 1819 – Ratu Victoria, ratu Karajaan Inggris (td. 1901)
- 1941 – Bob Dylan, musisi Amérika
- 1945 – Priscilla Presley, artis Amérika
- 1962 – Héctor Camacho, tukang boksén Puérto Riko-Amérika (td. 2012)
- 1966 – Éric Cantona, pamaén bola Perancis
- 1978 – Elijah Burke, pagulat Amérika
- 1978 – Feby Febiola, artis Indonésia
- 1979 – Frank Mir, atlét tarung campuran Amérika
- 1980 – Cecilia Cheung, artis Mandarin-Australia
- 1989 – Yannick Bolasie, pamaén bola Perancis
- 1989 – G-Eazy, rapper Amérika
- 1995 – Audi Marissa, artis Indonésia
Poé peré / poé panginget-nginget
édit
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|